Latihan Soal Bahasa Sunda Kelas 4 SD TA 2013/2014


Mata Pelajaran           : BAHASA SUNDA 
Nama                            :…………………… 

Geura tengetan sajak di handap ieu! 

Indung Jeung Bapa 
Indung mah wajib di punjung 
Mun Bapa wajib dipuja 
Gubragna urang ka dunya 
Ngaliwatan aranjeunana 

Sakeclak karinget bapa 
Mangrupa panyambung nyawa 
Sakecap pangdoa Ema 
Pamuka lawang sawarga 

Lamun urang baha 
Boh ka indung boh ka bapa 
Temahna matak ti deuha 
Sangsra salalawasna 

Eusian ieu titik-titik dihandap! 

1.      Kudu kumaha urang kanu jadi indung bapa? 
2.      Ngaliwatan saha urang gubrag ka alam dunya? 
3.      Mangrupa naon sakeclak karinget bapa? 
4.      Pamuka naon sakecap pangdoa Ema? 
5.      Naon temahna lamun urang baha kanu jadi indung bapa?
Previous
Next Post »
Thanks for your comment